Reumis ka endag ku bitis
Ngeclak murag lir citangis
Keukeuh lengkah kudu kebat
Ku gogoda moal ebat
Teu wantun narutus gunung
Palias ngarajang alas
Teu wasa reujeung teu tega
Mun kedah midua rasa
Kanyaah sareng kacinta
Mung ukur kanggo salira
Dibeungkeut ku simpay tresna
Bakal langgeng salamina
Anjeun ulah rek hariwang
Tong melang ku palangsiang
Anjeun ulah rek cangcaya
Aringgis jeung boa boa
============================
0 Komentar untuk "Lirik Lagu Teu Wantun - Abiel Jatnika"